MIN Sutawangi Naratas Kelas Unggulan


           
JATIWANGI, KORAN SUNDA 'LOGAY' - Soal mutu pendidikan jadi kalintang pentingna lantaran mingkin beuratna persaingan boh di tingkat lokal, regional, jeung nasional. Eta pisan sababna, Madrasah Ibtidaiyah Negeri (MIN) Sutawangi Kacamatan Jatiwangi minangka institusi pendidikan nu aya dina asuhan Kementerian Agama, kiwari keur terus  ngalaksanakeun sawatara tarekah pikeun ngaronjatkeun mutu pendidikan.

Di antarana, nurutkeun Kepala MIN Sutawangi H. Ajid,S.Ag ka Logay di kantorna, nya eta ku cara tatahar ngawujudkeun kelas unggulan minangka lengkah awal pikeun ngawujudkeun MIN Sutawangi engkena bener-bener jadi sakola unggulan.

Anapon tarekah nu geus dilaksanakeun di antarana ngalaksanakeun kagiatan seleksi para siswa, dibentukna Tim Teknis Kurikulum nu diwangun ku 4 urang guru, nepi ka nyiapkeun rohangan kelas.

Ketua Tim Teknis Kurikulum Andri Hendrianto,S.Pd nu nyarengan kepala MIN Sutawangi dina wawancarana jeung Logay nyebutkeun, yen kapasitas rohangan kelas pikeun kelas unggulan eta baris ngamuat 10 nepi ka 15 urang murideun, kalayan dilengkepan fasilitas AC, kipas angin, karpet, hordeng, jeung metode diajarna ngagunakeun alat infocus. Kitu deui saban kelasna dipingpin ku guru wali kelas dibaturan saurang pendamping atawa asisten. Ku cara kitu diharepkeun baris bisa ngaronjatkeun mutu pendidikan sakumaha nu geus digariskeun dina kurikulum pamarentah jeung program sakola.

“Alhamdulillah, saniskara waragad pikeun ngawujudkeun program kelas unggulan ieu sagemblengna murni didanaan ti pihak sakola. Sanaos kitu pihak sakola tetep ngaharepkeun ayana bantuan ti pamarentah, boh ti kementerian agama boh ti pamarentah daerah, kumargi kamampuhan kauangan sakola mah tangtosna ge kawatesanan,” ceuk Adjid ngaharepkeun.

Adjid oge netelakeun, rencana ayana kelas unggulan eta kiwari karek aya sakelas pikeun kelas 1 nu baris direalisaikeun ti mimiti awal semester kadua, sarta pikeun kelas 2 baris dilaksanakeun ngawitan taun ajaran anyar. Kitu saterusna, nepika ahirna sakabeh kelas ti mimiti kelas 1 nepi ka kelas 3 jadi kelas unggulan.

Euyeub prestasi
             
MIN Sutawangi nu lokasina di Desa Sutawangi Kacamatan Jatiwangi Kabupaten Majalengka tur kiwari ngageroh 266 murid sarta diasuh ku 16 urang tanaga guru, salila ieu memang kacatet salasahiji madrasah nu nyongcolang tur euyeub ku prestasi. Di antarana wae jadi Juara 1 Tenis Meja Putri Tingkat Kabupaten Majalengka, Juara 2 Penca Silat Putri Taun 2010, Juara 3 Catur Putra Tingkat KKM Taun 2008, Juara 1 Volley Ball Putra-Putri Taun 2010, Juara 2 Qasidah Putri, jeung rea-rea deui prestasi sejenna.

 Jeroning kitu, Kepala Kementerian Agama Kabupaten Majalengka Drs. H. Udin Saprudin, M.MPd , nu ngahaja dikolongan ku Logay nembrakkeun, anjeunna kacida ngaapresiasina kana lengkah jeung prestasi nu enggeus jeung keur ditaratas ku MIN Sutawangi salila ieu. “Mugi-mugi tiasa diconto ku madrasah-madrasah sanesna di lingkungan Kementerian Agama, malihan mun tiasa mah sing langkung munjulan,” pokna reueus.* (Asep Fajar/RSP Hidayat/Logay)

-------------------------------------------------------------------------------------------------------------------