KAMUS BASA SUNDA


                                                           
Kamus Basa Sunda 
Ku: R. Satjadibrata


A
a. I. jadi rarangken di hareup, sarua jeung rarangken ber- dina basa Indonesia; saperti: apuputra (aputra) = berputra = boga anak; II. jadi rarangken di tukang, nuduhkeun panganteb, saperti: mugia, kudua, pulia atawa puliha.
aa, robahan tina akang, basa budak.
aang, = aa.
abab, hawa nu kaluar tina sungut.
abad, saratus taun: abadi: langgeng.
abah, (aba, atawa abu - basa Arab), bapa.
abang, I. (mun basa Jawa) = beureum; II. = akang, panyebut urang Sunda ka lalaki urang Jakarta, ari awewena sok disebut empo.
abar, = sinar; ngarah abar; ngarah alus katenjona; diabarkeun = ditembongkeun, ngarah dipikaaneh; jelema boga pangabaran = jelema nu boga watek dipikaera atawa dipikasieun.
abdas, kecap lemes tina basa Ajam = wulu.
abdi, kecap lemes, 1. = kuring; II. abdi-abdi = rahayat; ngabdi = kumawula; ('abdi, basa Arab = jalma beulian).
abeh, = ambeh; supaya.
aben, adu; ngaben: ngadu; paben: ngadu bebeneran.
aber, aber-aberan: nyaba atawa ulin ka tempat nu jauh.
abewara, = bewara, embaran.
abig, = ampig, bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa imah bapang.
abir, peso.
abjad, cacarakan aksara Arab, nya eta: alif, ba, ta, tsa, jim, ha, kha, dal, dzal, ra, za, sin, syin, sad, dhad, tha, dha, 'ain, ghin, fa, qaf, kaf, lam, mim, nun, wau, ha, lam-alif, hamzah, ya.
ablag, ngablag; dibuka bae, panto jst.
ablu, ngablu; ulin ka mana-mana atawa pikiran ka mana-mana.
abon, = sawud, daging hayam jst disewiran tuluy digoreng.
abong, sok disebutkeun, lamun ngarasa naon-naon nu teu pantes tumiba ka diri; abong-abong (kena-kena) biwir teu diwengku; disebutkeun ka jelema nu ngedalkeun omongan sakarep-karep. Sakapeung: abong-abong.
abot, beurat; ngabotkeun = ngabeuratkeun atawa nyusahkeun.
abrag, kasar.
abrag-abragan, lulumpatan atawa luluncatan.
abreg, ngabreg (ngambreg) atawa abreg-abregan; daratang babarengan, upamana wae: semah.
abret, ngabret atawa abret-abretan; lulucatan, kuda jst.
abrik, ngabrik-ngabrik atawa ngubrak-ngabrik; ngaburak-barik atawa ngungkab sakarep-karep.
abring, diabring-abring; ditutur-tuturkeun ku jalma loba; abring-abringan; laleumpang babarengan.
abrug, abrug-abrugan; teu daek cicing, upamana manuk giras nu hayang kaluar tina kurungna.
abrul, ngabrul; kaluar babarengan (jalma loba jst), abrul-abrulan; laleumpang teu tangtu tujuan. 
abrut, = ajrut; turun bari luncat.
abu (basa Arab), bapa; Abu Thalib; Bapa Talib (emang Kangjeng Nabi Muhammad Saw); Abu Lahab (ua KN keneh tapi ngamusuhan ka KN); Abu Jahal (anu pohara ngamusuhanana ka KN).

(Teraskeuneun)

----------------------------------------------------------------------------------------------------