Saha lalaki nu boga pamajikan panglobana saalam dunya danget kiwari? Jigana moal salah deui nya Ziona Chana! Lalaki bayuhyuh urang India nu umurna kiwari geus 66 taun teh cenah ngabogaan 39 pamajikan, 94 anak, jeung 33 incu.
Kabehanana disaimahkeun, di imah manehna nu luhurna 4 tingkat tur ngabogaan 100 kamar di hiji wewengkon pigunungan di Nagara Bagian Mizoram, India Timur Laut.
Teu dibejakeun kumaha cara meutingan pamajikanna nu lobana 40 kurang 1 teh. Ngan nu puguh mah, lalaki nu jadi pamingpin sekte Chana eta saban poena ngabagi tugas pamajikanna sangkan gegenten masak, barudak awewena purah beberesih jeung nyeuseuhan, sarta barudak lalakina purah tani jeung miara ingon-ingon.
Dijumlah-jamleh, jadi aya 167 urang anggota kulwarga Ziona Chana teh. Keur dalaharna maranehanana meakeun teu kurang ti 91 kilo beas saban poena, jeung leuwih ti 59 kilo kentang. Ti mana eta teh? Cenah sawareh tina ladang hasil tatanen maranehna, jeung sawarehna deui hasil sumbangan ti para anggahota sektena.
Barade narurutan? Pek bae ari bisa tur diwenangkeun ku agama mah.* (KOMPAS.Com)
--------------------------------------------------------------------------------------------------------------


Tidak ada komentar:
Posting Komentar