PANGAWERUH BASA





Babasan jeung Paribasa (4)
----------------------------------------------------------------
Ku: Drs. A. Tatang Koswara

Awak satilas
Hartina: Jelema anu jangkung lenjang.

Ari diarah supana, kudu dipiara catangna
Hartina: Naon bae nu mere hasil atawa kauntungan ka urang, kudu dipiara atawa dipulasara enya-enya.


Asa dijual payu
Hartina: Sedih, ngungun dumeh nyorangan di panyabaan atawa di lembur deungeun. Atawa bisa oge keuheul lantaran asa dilejokeun ku batur.

Asa rawing daun ceuli
Hartina: Hate teu ngeunah, lantaran ngadenge omongan nu garoreng.

Aya astana sajeungkal
Hartina: Nu maot mah budak ge bisa, lain kolot bae. Atawa nu maot mah teu kudu kolot bae, budak ge bisa.


Aya jalan komo meuntas
Hartina: Eukeur mah aya maksud, turug-turug aya lantaran atawa pijalaneun.

Aya bagja teu daulat
Hartina: Bungah lantaran rek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.

Aya peurah
Hartina: Aya komaraan. Aya harga atawa ajen diri.

Ayakan mah tara meunang kancra
Hartina: Nu bodo jeung nu pinter moal bisa sarua darajat jeung pangasilanana.

Aya rengkolna
Hartina: Aya tulisanana.

Asa nyanghulu ka jarian
Hartina: Ngawula ka sahandapeun, boh umurna, boh pangartina, kitu deui pangalaman atawa pangkatna.

Aya dina sihung maung
Hartina: Dina waktu karerepet atawa susah teh, gampang pisan meunang pitulung atawa bantuan, lantaran boga kawawuhan gegeden atawa jelema nu boga pangkat atawa pangaruh gede.

Ambekna sakulit bawang
Hartina: Babari pisan ambek. Gede ambek.

Atah warah
Hartina: Kurang atikan atawa didikan. Dusun. Basa jeung patipolahna loba nu salah. Kasar.

Asak warah
Hartina: Sabalikna tina atah warah. Atikan jeung didikanana cukup. Basa jeung tingkah paripolahna merenah.* (Teraskeuneun)

------------------------------------------------------------------------------------------------------