CARPON




    Sapi Pelen


Ku: AHMAD BAKRI

Kuwu andegleng dina korsi goyang di Bale Desa nyangigirkeun meja bunder suku tilu. Rada anggang beh sisi, Jurutulis diuk ngarendeng jeung Ngabihi dina salu awi. Di handap hempak Lurah-lurah katut Lebe sarila.

Seba minggon saban poe Senen. Geus beres laporan lahir-mati, tagihan pajeg, lumbung jeung tugur-tundan katut puraga, sarta geus ditalek taya panyakit cacar jeung panyakir lianna nu bisa nular, nindak kana acara pamungkas. Aom Jaya, Jurutulis Wadana, rek kariaan, nyepitan putrana.

"Pesta kumaha cenah maksad Aom teh, Juragan?" cek Ngabihi ka Kuwu.

"Nayuban … Kumaha deui atuh?"

"Biasa wae meureun, Mas Bihi, kawas urang-urang sapeuting pesta bujangan, peuting kaduana pesta priyayi," cek Lebe.

"Heueuh," cek Kuwu, "kacekna teh dina pesta priyayina baris diluuhan ku pangagung saponggawa ti dayeuh."

"Ari urang kudu milu ka nu mana atuh …?" cek Lurah Girang, "campur jeung barudak piraku, rek milu ka priyayi sieun kasima ku pangagung."

"Kari kumaha wawanden urang wae eta mah," cek Ngabihi.

"Barina ge kudu teuing piilueun ngarigig di balandongan, pan meureun kudu jadi pakacar urang mah. Kawas nu karanjingan pisan Lurah Girang ma kana ngigel teh."

"Alaaaaah, meujeuhna rek karanjingan ge Lebe mah … Geura mun geus ngasaan mah diayun-ayun ku lagu Renggong Manis, tepakna tepak Santa bari ditandakan ku ronggeg Selajambe, moal teu hayang ganti solempang," cek Lurah Girang.

"Paralun, tobat ka Gusti," tembal Lebe bari ngusap beungeut.

"Kade ulah ngerakeun, da aya kakurangan mah urang-urang keneh nu baris wirang, mangkaning rek kasumpingan pangawulaan katut para menak ti dayeuh," cek Kuwu, "tilu peuting pesta teh, da panglulubarna he nanggap Nyi Tungtung ti Ciawi …. Pek Ngabihi, geura babagi pancen, catetkeun ku Jurutulis."

Pok Ngabihi babagi pancen, ti mimiti ngadegkeun balandongan katut ubrug jeung pupuyan-papayon panaheuran pangejoan nepi kana tatabeuhan jeung rupa-rupa kamonesan pikeun dina iring-iringan turun-mandi.

Kampung santri kabagian ngajagokeun terebang jeung genjring katut rudatna, nu sejen reog, buncis, calung, jeung sapapadana. Nu sanggup ngagotong lisung ge aya keur ngagondang sapanjang jalan.

Beres eta nindak kana babagi pundut-pundenna. Nu kapancenan embe, lauk cai, lalab rumbah katut kalapa jeung suluh.

"Ke heula, nyelang catur," cek Lurah Pasirnangoh, "dedengean teh kuring kabagean seba lauk cai? Kudu nyiar ka mendi da di Pasirnangoh mah taya balong sapisarateun …!"

"Alaaaah, belet pisan Ki Nangoh mah," cek Lurah Sindang, "matak naon somah dioyak sina marak ka Ciliung? Cingok, lele, bera, sepat, hurangna keur urang."

"Nya kira-kira …, lauk kitu disebakeun ka menak!" cek Lurah Pasirnangoh ngadelek.

"Tukeurkeun pancenna, Bihi!" cek Kuwu.

"Iraha ieu the dialeutkeunana, Juragan?" cek saurang.

"Tilu poe deui kana ngaleunggeuh ti imah kula!" tembal Kuwu.

Nu seba bubar. Di mana-mana obyag, majar menak rek kariaan. Unggal somah madep nyanghareupan pigaweun jeung nyambungan.

Pabeubeurang Lurah Desa ngajingjing ceceting butut jeung karamba ka buruan Bale Desa. Wur-wur beas gereyek hayam recok. Keteyep … kerewek … keok-keok …, sup kana karamba, wur deui …. gereyek deui … newak deui. Kitu jeung kitu bae.

"Nanahaonan Mas Lurah teh newakan hayam teu pupuguh!" cek Alnasan nu imahna teu jauh ti dinya.

Pundelik… poloto lurah teh, "Nanaonan siah, tatanya teuing!"

"Pedah wae newakan hayam saloba-loba, keur nanahaon?" Cek Alnasan bari pupunduran rada seber, "eta jago kuring purah kongkorongok katewak."

"Teu nyaho menak rek kariaan? Lembur urang kapapancenan seba hayam salawe, deuleu! Piraku kami kudu ngacacang ka unggal imah onaman, mupul hayam… teu suka kitu ingon-ingon katuang ku menak?"

"Ih paralun, kakara ngadenge ayeuna. Sugan teh lain keur pangagung… ari kitu onaman mangga teh teuing," tembal Alnasan bari nyampeurkeun, "sok awuran deui, kuring nu newakanana… Bantuan, Santaip," cenah bari ngalieuk ka nu ngarogrog di jalan.

Kerewek… keok… kerewek keok… kawas nu babarieun bubuhan loba. Meunang sabaraha pindahan, tuluy dibilang, jejeg salawe.

"Nam gotong ka imah," cek Lurah.

"Na moal diembohan hiji mah keur peunciteun Mas Lurah?" cek Alnasan, "piraku seba hayam teu murak hayam."

"Seg atuh newak hiji mah," cek Lurah.

"Tewak tah nu eta nu rengge, Marsaip!" cek Alnasan.

"Ih nu kuring eta mah!"

"Rek owel silaing ka pangurus? Tuh, jago dewek ge kabawa!" cek Alnasan.

"Heug atuh, heug… heug… heug!"

Si rengge geus beunang, regeyeng karamba teh digotong ka imah Lurah, sup hayam ka kolong, mani ngagerebeg.

Poean ngaleutkeun pupundutan tea, ngeungkeuy tanggungan jeung gotongan ti unggal kampung diiringkeun ku salurah-salurahna. Brek neba di buruan imah kuwu, dipetakeun ku Ngabihi. Nu nungtun embe, nu nanggung lauk, kalapa manggaran, daun kompetan, geus puguh beas jeung hayam mah, ka lalab-lalab dipilukeun hayang katuang ku menak. Ti Buni Hilir mah make diimplik-implikan ku iwung jeung endog nyiruan, diukur ku beuteung nu mere, pajar ngeunah iwung diangeun jeung endog nyiruan, sabatae meureun menak ge sedepeun.

"Ka pawonkeun wae endog nyiruan mah, tong dipilukeun, karesep kami," cek Kuwu.

"Muhun, kuriak wae megar manten di ditu, ngamuk waeh di balandongan," cek Kulisi Sindang.

"Wah, teu kira-kira ngomong teh," cek Lurah Buni Hilir bari mendelik.

Pupundutan teh ditataan sarupa-sarupana. Ngabihi nyebutan, Jurutulis nu nyatetkeun.

"Lurah Desa, hayam dua puluh, beas genep gantang, suluh… Sabaraha tanggungan Lurah Desa?"

"Sapuluh."

"Geuning hayam teh ngan dua puluh?" cek Alnasan ngaharewos ka Marsaip, "lain genep likur harita newak teh?"

"Ssst… tong loba omong," tembal Marsaip.

Geus disanggeumkeun sarupa-sarupana, bring dialeutkeun ka bumi nu rek kariaan, ngeungkeuy kawas nu iring-iringan make didogdogan sagala.

Pupundutan teh ka bumi menak nakleuk, di imah Kuwu nayeud keneh sesana, ngahaja dipisahkeun.

Piisukaneun ngaleunggeuh Ngabihi dikumahaan ku Aom Jaya, can boga sapi peunciteun cenah. Munding mah geus aya tilu, ngan taya tuangeun pangawulaan jeung para menak, da tara naruang daging munding.

Golosor duit tilu ringgit, nitah nyiar buru-buru sapi nu meujeuhna peunciteun. Ngabihi amitan, isukna rebun-rebun keneh Lurah Desa ngagidig muru ka Desa Kaso mesakan duit nu tilu ringgit.

Wanci haneut moyan srog ka Bale Desa Kaso. Kabeneran Kuwu Kaso kasampak aya. Pok nyaritakeun pamaksudan.

Kuwu Kaso ngahuleng sakeudeung, "Ki Ardawi sina ka dieu! Disaur kituh ku aing!" cenah bari ngalieuk ka nu kemit.

Nu kemit ngagidig bari ngabeubeurkeun sarung. Teu lila geus rongheap deui ngiringkeun nu disaur.

"Aya naon, Juragan, asa rareuwas?" cek Ki Ardawi bari sila di handap.

"Aom mundut sapi peunciteun, tuangeun pangawulaan, da menak mah tara nuang daging munding."

"Euh, enya, da rek kariaan, nya!"

"Heueuh."

Ki Ardawi ngahuleng, "Kabeneran aya sapi pelen badag, ngahaja dipisahkeun, da ngamuk kamari teh, ceulina diasupan gaang ku nu ngangonna. Budak bangkawarah, hadena bae teu ngagadil jelema."

"Galak keneh atuh nya ayeuna teh?"

"Henteu, da gaangna geus bijil. Kabeneran soteh pedah geus misah bae beunang nyangcang… Ke geura urang cokot."

Leos indit gura-giru. Heuleut sapanyeupahan jol deui nungtun sapi, nya badag nya ranggah kawas banteng, dicangcang dina tihang juru bale.

"Mangga ngahaturkeun," cenah bari diuk deui dina urutna. Lurah utusan masrahkeun duit nu tilu ringgit.

Ki Ardawi tanggah mureleng, "Nanaonan eta teh?"

"Hih, da kuring mah ngan dibahanan sakieu… Kirang keneh mah sae nyarita wae engke ka Aom nu miwarangna," cek Lurah Desa.

"Ih, ari taeun teh sok saliwang," cek Ki Ardawi, "Nanaonan make diduitan sagala… moal, kuring mah moal narima."

"Hih, da Aom mah maksadna ge rek ngagaleuh, lain mundut."

"Enya, tapi teu ngeunah ka kuringna, asa teu diaku ku menak… Yeuh, sadulur ulah ka… sapi, pan kuring ge Ki Ardawi, nu bogana, kagungan saha atuh ? Pan kagungan menak… Bawa deui duit mah, haturkeun deui ka Aom!"

Kuwu Kaso ngiceupan ka Lurah utusan. Sup deui duit teh disakuan. Geus amitan, leos balik nungtun sapi. Beuki beurang beuki panas, turug-turug dibawa nanjak, sapi teh remen ngagebes, tayohna panaseun jeung capeeun, can tuman dibawa jauh. Nu nungtun lieuk deui lieuk deui ari sapi ngagebes teh, inget kana carita nu merena, pajar kamari tas ngamuk. Hatena seber.

Kabawa ku hate sieun, teu karasa leumpangna gagancangan. Gebes deui ka tukang, direret tembong sapi leumpangna gancang. Asa diudag, nu nungtun beuki gancang. Atuh sapi ge milu kabawa beuki gancang, gebesna beuki kerep. Lat wae poho, yen manehna nu nungtun, inget kana galakna wae poe kamari. Berebet lumpat, sapi ge ngagibrig nuturkeun.     

Hatena ngalenyap ngadenge nu ngagebes beuki deukeut. Nyelang ngendoran lengkah sakeudeung rek murekan samping. Sapi teu nyahoeun rek dibawa kendor, lumpatna kalepasan, gedak kana tonggong nu nungtun, tolonjong tikusruk, tapi tambang mah anggur beuki pageuh dicekelan, asa aya pamuntangan.

Yakin, yen sapi kambuh deui panyakit galakna, teu tata pasini berengbeng waeh notog-notogkeun maneh. Sapi ge nya kitu, da puguh ditungtun tea. Beuki asa diudag, beuki kasima. Panon burial buncelik, ambekanana ngahegak.

Tembong beh hareup loba jelema keur jarajan di warung. Caleuleungeung nenjo nu nungtun sapi bari notog-notogkeun maneh.

"Aya naon…, aya naon?" cek nu di warung.

"Tulung…, tulung…!"

"Ku naon…?"

"Diudag sapi…!"

"Baruk ngudag…? Lain ditungtun eta teh?"

Ngadenge nu ngomong kitu teh Lurah Desa asa diingetan. Karasa ayeuna mah leungeunna nyenyekel tambang panungtun. Geus jauh ti warung mimiti lengkahna dikendoran, tuluy leumpang ngagandeuang bari balaham-belehem era sorangan.

Nepi ka sisi lembur kadenge sora tatabeuhan ngaguruh ti kajauhan. Ras inget, poe eta teh rek iring-iringan turun-mandi. Beuki deukeut beuki ngageder kadengena teh. Lebah sasak Limus srog jeung pucuk aleutan. Borobot… borobot… merecon, jagur kalangtaka dina papadatian, tatabeuhan digederkeun.

Gebes-gebes sapi teh, tuluy mogok, suku hareup ngadonca, tanduk masang, buntut centang, matana giras. Borobot deui merecon. Gilek sapi malik, biur kabur, sup ka kebon kukurudukan di nu bala. Lurah Desa meak-meakkeun tanaga, tapi sapi teu katahan. Rek dilesotkeun, inget ka nu miwarang, sieun meunang bebendon ti menak. Getrak titajong, jolog tikusruk, tuluy kasesered. Ger pada nyurakan ku nu iring-iringan.

Nu karunyaeun rajol pada maruru narulungan pada ngarewak tambangna. Red dicangreud dina tangkal limus. Lurah Desa ngalungsar, awakna barared.

"Ngareureuh bae heula bari ngadagoan nu iring-iringan liwat," cek nu tas nulungan.

Ari direret sihoreng Ki Alnasan jeung Marsaip nyaroren dogdog, keur marilu ngareog dina iring-iringan.

"Karunya ku Mas Lurah, awakna mani barared," cek Marsaip.

"Puas lah, bongan newakan hayam batur… Jago dewek purah kongkorongok kabawa, disebakeun mah hanteu," cek Alnasan.

"Heueuh…," cek baturna, "pan jajangkar dewek ge sadua-dua. Nyao kamanakeun, da teu tembong kahaturkeun.*
-------------------------------------------------------------------------------

Related Posts by Categories

Tidak ada komentar:

Posting Komentar