_____________________________________________________
Palay ngaramekeun SAJAK LOGAY? Gampil. Kintunkeun
naskah sajak Salira ka Kalawarta Sunda LOGAY ngalangkungan
alamat email: koransunda@gmail.com atanapi langsung ka
logaysunda.blogspot.com. Diantos.
logaysunda.blogspot.com. Diantos.
_____________________________________________________
SAJAK-SAJAK LAWAS ASIKIN HIDAYAT
SINDANGKASIH
sakolepat nimu iber, waktu
maparin papasten nu nangtukeun kujur
atawa hirup nu teu kebat lantip
sugih tembong lambangna bae
apan enya, jaman nu mirucaan
sagala jadi cacandran - junti
geus baseuh ku cipamali
sanak incu sakadar mireng iberna
sawatara mangsa tutas jadi liliwatan
sakumaha jalan but-bat ngaler-ngidul
di dieu, ceuk karuhun, geus maneuh
sajarah panto sarakan
mun iber geus ngawitan undur
nu ngarti wungkul tangtungan hariwang
saha nu deuk tetep miduli ajen
sedeng urang angger tipaparetot tinggaleun udagan?
Majalengka, 1985
ANGIN ISUK
aneh, padahal masih sperti kamari
pamor peuting pakeupis nangkisan geugeuleuh
seubeuh disasaak impian maneuh
saban waktu saban usik saban renghap
nguniangkeun sarupaning suda
boa cadu amprok jeung sumirat, ceuk srangenge
atawa bosen sumanding beurang, ceuk nu lian
sora-sora panuding nongtoreng beuki atra
tapi jawaban teh basajan pisan, geura
: rumasa lingsem ku jaman, kaulanun
teu werat ngigelanana
Majalengka, 1994
SAJAK JANARI LEUTIK
sakapeung
siga nu keur gugupay
ngajak nyingkahan karungsing
tapi ukur lagu nu ngambang
kumambang dina dangiang wirahma
lapat-lapat tilem timbul
: lir sora, lir pamenta
aya imut nu haripeut
ngajak nyingkahan karungsing
sakapeung
(nu tibra ngilu jempe
najan jentre mangsa rehe
ngimpi mah taya kendatna)
1985
(Tina buku kumpulan sajak Lagu Simpe, wedalan penerbit Pustaka Kemucen, 2007)
-----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
Ngeunaan nu nulis: Asikin Hidayat lahir di kota leutik Kadipaten, Kabupaten Majalengka, 12 Januari 1964.Ti leuleutik geus resep maca karangan-karangan basa Sunda. Sajak munggaranna, Dawuan dina Lagu Peuting, dimuat dina majalah Sunda Mangle, taun 1985. Sajaba ti jadi guru basa Inggris di SMPN 3 Majalengka, Asikin Hidayat kiwari oge aktip icikibung dina seni karawitan Sunda, kayaning degung jeung sabangsana.*
Tidak ada komentar:
Posting Komentar