PARIRIMBON



Komisi
Gratis | Bisnis Online Tanpa Modal

UBAR KARUHUN
Landong-landong 
Tina Tutuwuhan
----------------------------------------------------------------------------------------------
Kintunan: H. Hade Rustandi

Jambe: Akarna digodog make cai sacukupna keur ngubaran kencing batu.
Buahna nu ngora bisa keur ngubaran kencing manis, oge manjur pikeun ngubaran lemah sahwat boh awewe boh lalaki. Carana buah jambe nu masih ngora diiris-iris ka aripis atawa bisa oge dibalender nepi ka lemes. Tuluy digodog kalawan perbandingan 10 jambe ngora make cai 1,5 liter.


Duwet: Daunna ubar nu katerap kencing manis. Carana 15 lambar daun duwet digodog make cai 1 liter. Diinum tilu kali per poe satengah gelas.


Salam jeung Jambu: Sasipat jeung daun duwet.


Keji Beling: Daunna keur ngalandongan kasakit batu ginjel. Carana 15 lambar daun keji beling digodog make cai 2 liter. Diinum sapoe tilu kali sakali nginum satengah gelas.


Daun kumis kucing, akar kawung/akar kalapa, akar jambe: Boga kasiat pikeun ngalandongan batu ginjel jeung nyeri cangkeng nu geus parna. Carana kabeh digodog dihijikeun, kalawan resepna: 10 teukteuk akar nu tadi, nu ukuran kira-kira 10 cm-an, digodog make cai 2 liter. Sanggeus ngagulak kari niiskeun. Tuluy diinum sapoe tilu kali, sakali ngunum satengah gelas.


Daun peuteuy/daun bendara: Nu ngora keneh bisa pikeun ngalandongan raheut sabab kakeureut atawa sabab lianna. Carana daun peuteuy tilu gagang direndos dina cowet, dicampur kapur atawa apu sagede kulungsu. Engkena disalepkeun. Insya Alloh tereh cageur.


Daun calingcing: Tiasa ngalandongan panyakit kurang sare atawa hese sare. Carana 10 gagang daun calingcing digodog make cai 2 liter. Sanggeus ngagulak ditiiskeun. Diinum sapoe tilu kali sagelas sakali nginum.

Sampeu atah:
Ubar keur nu katarajang utah miceun atawa diare. Carana sagelempeng sampeu atah diparud. Tuluy diwadahan gelas dicampur cai asak tiis sacukupna. Tuluy diinum sapoe tilu kali. Insya Aloh cageur.



Kopi: Bisa jadi gaganti norit. Carana kopi sasendok makan diwadahan gelas tuluy dikucuran cai asak panas ngagulak satengah gelas. Poma ulah digulaan. Sangeus hanuet kuku diinum. Insya Aloh diare atawa utah miceun cageur. Kieu cara dua kali sapoe. Bisa oge dipake keur ngalandongan nu sok mabok bengsin di mana indit-inditan tumpak mobil atawa motor atawa nu sejenna nu ngagunakeun bengsin.


Ganas atawa danas: Cai ganas/danas asak lamun dikucurkeun kana daging liat antep kira 15 menit. Mangka tuluy digodog. Teu lila eta daging geus uduh empuk. Gaganti ganas/danas bisa oge buah kapundung asak. Ajenna sarua kawas cai ganas/danas asak.


Gedang atah: Geutahna ampuh ngahipukeun daging. Sarua jeung cai ganas/danas. Bisa oge daun gedang dibungkuskeun kana daging lilana kira-kira 30 menit.


Daun kelor jeung daun katuk: Sarua ngandung asam kersik, boga ajen pikeun ngubaran raheut jero badan.


Akar eurih: Bisa pikeun ngalandongan saluran kahampangan. Oge boga kasiat pikeun cuci hama dina liang-liang sakuliah jasad. Carana 10 gagang akar eurih digodog ku cai 2 liter. Geus tiis diinum dua kali sapoe sagelas-sagelas.


Kiriut: Akar kiriut 40 sulur digodog make cai 3 liter. Mangpaat pikeun ngalandongan panyakit gateul dina jajalanan cai kahampangan. Kaitung ngabasmi bakteri, bisa dihijikeun reujeung akar eurih.

Daun kiriminil:
20 gagang daun kiriminil digodog make cai 1 liter. Ieu cai mun diinum bisa nurunkeun tekanan darah tinggi.

Wilujeng nyobian, mugi-mugi Allah Swt. ngadamangkeun.*
 

Komisi
Gratis | Bisnis Online Tanpa Modal

 

Related Posts by Categories

Tidak ada komentar:

Posting Komentar