WARTA MAJALENGKA


 


Majalengka Lir Mutiara Nu Kapendem



  Ku: H. Sutrisno,SE,MSi
(Bupati Majalengka)

Meh dina saban kasempetan, sim kuring mindeng nyebutkeun yen tatar Majalengka ieu lir ibarat mutiara nu masih kapendem di jero leutak. Ungkara ieu ngandung harti nu kacida telebna. Urang sarerea terang, mutiara teh mangrupa simbul kaendahan, kamewahan, kamajuan, tur karaharjaan. Tapi sangkan sagalana eta henteu ngan semet impian, eta mutiara satekah polah kudu digali. Leutak jeung sagala nu nutupanana kudu disingraykeun, dina harti kudu diolah ku cara ngerahkeun sagala kakuatan sumberdaya nu aya, inovasi nu luhur, sumanget nu ngagedur, turta kabarempug-jupungan nu pageuh tur tanggoh, sahingga eta mutiara nu murub-mubyar ahirna tembong moronyoy sarta dipiserab dipikaajrih ku rahayat ti saban nagri.
    
    Tumali jeung eta, nya tugas urang sarerea minangka warga Majalengka pikeun singkil ngagalina. Tur Alhamdulillah, nepi ka danget kiwari, gambaran ngeunaan Majalengka nu leuwih hade eta beuki atra nyampak di hareupeun urang sarerea. Saniskara program jeung kawijakan pikeun ngahontalna geus diguluyurkeun, kaasup sim kuring oge mastikeun, pangwangunan Bandara Internasional Jawa Barat (BIJB) di Kertajati nu bakal mere kauntungan nu lain saeutik keur warga Majalengka ka hareup eta lain saukur wacana, tapi bener-bener bakal jadi kanyataan. Pamarentah Provinsi Jawa Barat malahan geus ngucurkeun dana pikeun ngabebaskeun lahanna. Kitu deui sawatara palaturan daerah kiwari keur digodog di tingkat provinsi pikeun ngatur saniskara hal nu patali jeung pangwangunan bandara eta.

    Salian ti eta, bakal diwangunna jalan Tol Cileunyi-Sumedang-Dawuan (Cisumdawu) nu ngaliwatan Kabupaten Bandung, Sumedang jeung Majalengka tinangtu baris nambah kakuatan tumuwuhna daya dukung pangwangunan di sagala sektor. Pangwangunan jalan tol nu panjangna 58,5 kilometer tur ditaksir baris meakeun waragad Rp 5,1 trilyun eta, kiwari geus jadi salasahiji prioritas utama Kementrian Pekerjaan Umum (PU) pikeun pangwangunan infrastruktur di Jawa Barat taun ieu. Kitu deui bakal diwangunna jalan Tol Cikampek-Palimanan (Cikapa) jeung Rencana Pembangunan Pelabuhan Laut Intrenasional sarta jalur Kereta Api Cepat Bandung-Majalengka (Kertajati) nu masih sapaket jeung konsep Megapolitan ieu tanwande bakal mecut laju pangwangunan di Kabupaten Majalengka jadi leuwih gancang deui.

    Konsep Aero City nu bakal diterapkeun patali jeung diwangunna bandara internasional, oge tangtu baris ngadorong tumuwuhna kagiatan di saniskara sektor saperti industri, pariwisata, pendidikan jeung sektor-sektor sejenna nu baris tumuwuh sacara alami. Malahan, relokasi kawasan industri Tekstil jeung Produk Tekstil oge baris diwangun di kawasan bandara engke. Atuh ku kituna, kawasan Kertajati Aero City oge baris dilegaan, nu tadina ngan ngawengku 3 kacamatan jadi 6 kacamatan.

    Nu oge teu eleh pentingna, nya eta pangwangunan Waduk Jatigede nu kira-kira baris rengse dina taun 2014. Waduk kasebut bakal jadi solusi pikeun ngurangan lahan kritis di sapanjang Daerah Aliran Sungai (DAS) Cimanuk-Cisanggarung salega 7.711 kilometer pasagi nu ngembat di dua propinsi ti mimiti Kabupaten Garut, Sumedang, Indramayu, Majalengka jeung Cirebon di Jawa Barat nepi ka Kabupaten Brebes di Jawa Tengah.

    Hal-hal bieu tangtu wae matak ngagumbirakeun urang sarerea. Ngan masalahna, kumaha urang nataharkeun sagala kamungkinan nu bakal tumiba patali jeung parobahan nu dibalukarkeun ku "revolusi" di Majalengka ieu. Naon kaboga (kakuatan) urang, naon kapunjulan jeung kakurangan urang, kudu gancang diinventarisir, jeung leuwih jauh deui, urang kudu mampuh nyusun rencana strategis supaya urang sarerea jadi bagian ti "pelaku" pangwangunan ngarah teu jadi "tamu" di imah urang sorangan.

    Salasahiji tarekah dina nyanghareupan parobahan rongkah ieu nya eta ku cara nguatan sektor-sektor unggulan jeung nyiptakeun Brand Image atawa "pencitraan" Majalengka nu mibanda daya tawar (bargaining position) nu hade tur luhur sahingga bisa narik para investor pikeun melak tur ngokolakeun modalna di Majalengka. Nu ahirna, sesebutan Majalengka minangka "Kota Pangsiunan" atawa "Desa Badag" bener-bener bakal sirna tur salin jinis ganti rupa ngajanggelek jadi kota nu maju sacara ekonomi jeung spiritual, boh lahiriah boh batiniah. Cindekna, jadi kota harepan tur impian sakumna masarakat Majalengka, di mana visi Kabupaten Majalengka katembong atra tur nyata enggoning ngahontal Majalengka nu religius, maju turta raharja.

Sektor-sektor unggulan Majalengka
Dina raraga nanjeurkeun komara Majalengka nu luhur ajenna, urang geus mibanda sawatara sektor unggulan anu khas Majalengka, kayaning Industri Kenteng Jatiwangi nu geus kakoncara sanusantara, Industri Bola Sepak Standar Internasional ti Desa Liangjulang Kadipaten nu geus kapake dina saban kajuaraan kelas dunya, sarta Industri Kecap nu geus lila ngarambah ka janapria. 

    Di widang pertanian, Majalengka oge ngahasilkeun jagong super nu panghadena sa-Indonesia, buah gedong gincu nu geus jadi icon Majalengka, jeung rea deui potensi nu baris dikembangkeun jadi potensi unggulan sejenna, saperti Jeruk Parel Asli Majalengka nu rasa has tur munggaran aya di Indonesia. 

     Sajaba ti eta, kolompok home industry atawa industri rumahtangga oge milu ngawarnaan brand image Majalengka. Kolompok-kolompok industri rumahtangga nu jadi binaan pamarentah daerah di antarana pangolahan kadaharan jeung inuman olahan saperti inuman "Justi" nu asalna tina jeruk sambel ti Desa Weragati Kacamatan Palasah nu geus bisa nembus pasar nasional. Terus produk makanan ringan ti kolompok Ibu Popon di Kalurahan Cijati Kacamatan Majalengka sarta olahan Lauk Pindang ti Kacamatan Jatitujuh. Ku euyeubna kolompok home industry ieu diharepkeun bisa nguatan brand image Majalengka nu has tur unik sarta mibanda ciri mandiri asli buatan Majalengka. 

    Luyu jeung kultur sarta topografi tanah Majalengka nu mangrupa kabupaten agraris, tangtuna rea mibanda potensi nu bisa dimekarkeun ku cara dipadukeun ngaliwatan konsep Agro Wisata, salian ti Wisata Budaya jeung Pendidikan.

    Ku mingkin kerepna traffic kunjungan ka Kabupaten Majalengka balukar ayana pangwangunan bandara internasional, upaya-upaya pikeun ngamangpaatkeun piluang di sektor ieu mutlak diperelukeun, sahingga Majalengka bakal leuwih narik ati pikeun didareudeug ku pangunjung ti ditu ti dieu. Ku sabab kitu, dina taun 2011 nu bakal datang paling henteu aya 3 destinasi wisata unggulan. Nya eta pangwangunan Majalengka Spectaculer, pangwangunan Jabar Park Education nu rencanana baris ditempatkeun di wewengkon Kacamatan Sindangwangi, ngembangkeun obyek wisata Prabu Siliwangi di Kacamatan Rajagaluh, sarta oangwangunan "Kebon Wisata" Pancurendang di Kacamatan Majalengka.

    Lian ti eta, wilayah pakotaan minangka representasi tina pangwangunan image Kota Majalengka kiwari oge ngawitan ditata, ku dilaksanakeunana palebaran jalan K.H. Abdul Halim, pangwangunan Plaza Bunderan Munjul jeung Bunderan Cigasong, nu dilengkepan ku sarana Ruang Terbuka Hijau jeung Monumen Dirgantara. Saterusna moal lila deui baris diwangun Bunderan Kadipaten nu jadi jalur utama patalimarga Bandung-Cirebon, sarta pangwangunan sawatara gapura minangka lawang asup ka kota Majalengka. Eta kabeh baris ningkatkeun kaendahan tur daya tarik pangunjung boh domestik boh mancanagara. Sabab kitu, nilik pikahareupeunana asa teu kaleuleuwihi mun sim kuring nyebutkeun yen Majalengka mangrupa The Dream City atawa kota impian, nu jadi harepan tur panyileukan masarakat Majalengka sakumna.

Pangwangunan padesaan
    Nu teu eleh pentingna tur jadi garapan utama Pemkab Majalengka nya eta pangwangunan berbasis padesaan, sabab padumuk Majalengka rereana urang padesan. Pamarentah Kabupaten Majalengka anyar-anyar ieu geus ngaalokasikeun dana ADD gedena Rp 40,125 M ka 334 desa anu dibagikeun sacara proporsional. Sajaba ti eta Pamarentah Propinsi Jawa Barat gawe bareng jeung Pemkab Majalengka oge geus ngaresmikeun nu disebut "Desa Peradaban" anu neueulkeun palaksanaan widang otonomi desa pikeun ngawujudkeun desa mandiri anu oge mangrupa salasahiji tina misi Kabupaten Majalengka.

    Program Desa Mandiri ieu paling henteu baris ngagores lima hal, nya eta aspek kalembagaan desa, aparatur pamarentah desa, kauangan desa, sarana jeung prasarana desa, sarta pemberdayaan masarakat desa. Dina hal ieu Kabupaten Majalengka meunang jatah alokasi 6 desa anu saban-saban desana meunang bantuan dana gedena samilyar rupia.

Kalestarian lingkungan
    Tangtu wae dina ngalaksanakeun sakabeh program pangwangunan eta, pangpangna pangwangunan fisik, Pemkab Majalengka ngabogaan konsep anu mandom kana patokan: ngawangun bari teu ngaruksak lingkungan. Sim kuring diwanti-wanti boh ku gupernur boh ku presiden sangkan ngajaga Kabupaten Majalengka tina karuksakan lingkungan, dumeh kondisi alam Kabupaten Majalengka masih kawilang hade dibandingkeun jeung kabupaten sejenna di Jawa Barat.

    Kawijakan nartibkeun Galian C anu ku sawatara kalangan disalah-hartikeun pikeun maehkeun usaha di sektor ieu, saenyana mangrupakeun lengkah antisipasi karuksakan lingkungan anu mamalana bakal dirasakeun ku anak-incu urang jaga. Ieu lain hartina ngalarang usaha. Idin usaha Galian C tetep bakal dikaluarkeun salagi lahanna masih bisa digali bari teu ngaruksak lingkungan. Jeung saenyana memang masih aya lahan nu bisa dimangpaatkeun pikeun usaha Galian C bari teu ngaruksak lingkungan, atawa milih cara sejen upamana ku ngadatangkan bahan saperti taneuh liat keur industri kenteng ti kabupaten sejen. Lain sabalikna, material ti urang diunjalan ka lembur batur. Sim kuring kacida teu panujuna jeung ngalarang pisan upama bahan baku Galian C dipasarkeun ka luar Kabupaten Majalengka.

Profesionalisme birokrasi
    Tangtu wae, najan sakumaha ceuyahna potensi nu aya di masarakat upama teu dideudeul ku sistim birokrasi nu bener, moal bisa jalan kalawan hade. Ku sabab kitu, salian ti pokus kana ngawujudna pamarentahan nu beresih jeung tanggung jawab, urang oge miharep ayana kinerja kapamarentahan nu epektip, episien, sarta ngajungjung luhur ajen-ajen profesionalisme. Sabab kitu sistim birokrasi geus dibebenah ku jalan ngarobah pungsi jeung struktur organisasi sarta ngadobrak budaya "senioritas" jadi budaya "profesionalisme". Hal ieu diwujudkeun ku cara ngangkat para birokrat ngora pikeun nyekel jabatan-jabatan strategis nu diharepkeun bisa ngaronjatkeun sumanget jeung hasil gawe nu hade di kalapangan para pagawe Pamarentah Kabupaten Majalengka. Ku cara ieu, asalkeun mampuh, profesional tur nyumponan sarat, saha bae boga kasempetan pikeun ngaraeh jenjang karir nu leuwih hade.

    Soalna, masalah SDM memang ngarupakeun hal nu kacida pentingna. Sabab kitu, tarekah nguatan sektor pendidikan tetep jadi hanca utama dina kawijakan pangwangunan di Kabupaten Majalengka, lantaran paktor SDM masih jadi alesan klasik gejedna pangwangunan. 

    Ku digulirkeunana dana BOS, Alhamdulillah pendidikan pikeun tingkat SD jeung SMP kiwari geus bisa diharatiskeun, sarta ka hareupna muga-muga bisa diteruskeun nepi ka tingkat SLTA. Salian ti eta, tanaga pendidikan oge diupayakeun sangkan ningkat karaharjaanana ngaliwatan program sertifikasi. Sedengkeun pikeun tanaga honorer, pamarentah puseur oge geus ngagodog sarta ngancer-ngancer pikeun dironjatkeun karaharjaanana atawa ditaekeun stateusna jadi pagawe negeri sipil (PNS). Tapi sarerea kudu sabar lantaran sagalana kudu ngaliwatan proses nu mangrupa pangaturan anggaran jeung kawijakan nu salila ieu masih gumantung ka pamarentah pusat.

    Bareng jeung ngaronjatna mutu pendidikan, diharepkeun kaom akademisi jeung intelektual oge bisa ningkatkeun kontribusina ku mangrupa gagasan jeung ide-ide nu nyongcolang pikeun kamajuan pangwangunan. Ku tambah walatra jeung ngaronjatna mutu pendidikan, oge diharepkeun baris nambahan lolongkrang gawe nu ahirna bisa ngurangan angka kamiskinan jeung ngaronjatkeun karaharjaan masrakat.

Ngawujudkeun Majalengka "Remaja"
    Ngarah sagalana lancar sakumaha nu diharepkeun, pangwangunan nu dilaksanakeun oge kudu dibarengan ku parobahan sikep jeung pola pikir masrakat sangkan leuwih dewasa, wijaksana, konstruktip jeung partisipatip. Parobahan pisik jeung sikep mental masrakat ieu kudu bareng tur sajalan, sahingga aya kasinambungan enggoning ngawangun "image" Majalengka nu pikatajieun batur. Sagigireun ti eta, sakabeh proses pangwangunan eta kudu ngiblat kana visi Kabupaten Majalengka nya eta Religius, Maju, tur Sejahtera ("Remaja"). 

    Sipat religius nu geus sakulit-sadaging dina jiwa msarakat Majalengka, ngarupakeun modal dasar nu kacida pentingna enggoning ngawujudkeun visi jeung misi pangwangunan. Sim kuring inget kana salasahiji pidawuh Alloh Swt dina Al Qur'an Surat Ibrohim ayat 7, nu ungelna "Lamun maraneh sukuran ka Kami, pasti Kami bakal nambahan ni'mat ka maraneh. Tapi lamun maraneh kupur kana ni'mat Kami, saestuna siksaan Kami kacida peurihna".

    Tegesna, lamun ajen-ajen sukuran eta ku urang diterapkeun kalawan nyata dina kahirupan sapopoe saperti salawasna ngarasa optimis turta suhud kana gawe dumasar kana kaimanan jeung katakwaan, tanwande bakal nimbulkeun sumanget gawe nu luar biasa, sahingga wajar mun Alloh Swt baris nambahan ni'matNa. Tapi sabalikna mun sagalana ukur disanghareupan ku aral subaha bari mumulan, justru ngan kasumpegan hate nu dirasakeun.

    Urang sarerea bisa nyonto, kumaha ngabumikeun jiwa religius nu dideudeul ku dasar kaimanan jeung katakwaan nu pengkuh. Hiji pakampungan leutik nu ngaranna Mekkah tur alamna nya panas nya ngahgar, dina tempo kurang ti saratus taun bisa ngajanggelek jadi "imperium raksasa" nu ngawasa meh dua per tilu alam dunya, hiji kaberhasilan pangwangunan nu can aya tandingna dina sajarah peradaban mana wae di alam dunya ieu. 

    Komo deui urang mah ngabogaan sumber daya alam nu kacida beungharna, hususna di Kabupaten Majalengka ieu. Upama masrakatna bener-bener ngamalkeun ajen-ajen religius, sim kuring yakin jeung jeung gede pangharepan Majalengka bakala jadi kabupaten pangmajuna lain wae di level Jawa Barat, tapi oge di sakuliah Indonesia!




    Ku sabab kitu sim kuring umajak ka sahumna masrakat Kabupaten Majalengka, yen enggoning ngawujudkeun visi jeung misi Kabupaten Majalengka teu cukup saukur aya dana jeung tanaga wungkul. Tapi oge perelu pamikiran, motivasi, inovasi, kreatifitas, rasa sabilulungan, sarta salawasna sukuran kana ni'mat ti pangeran ku cara ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan ka Mantenna. Insya Alloh, hasilna lain ngan sakadar "progress", tapi bener-bener jadi "power" nu bisa ngawujudkeun sagala impian urang ngeunaan Kabupaten Majalengka nu leuwih hade dina mangsa nu bakal datang.*


---------------------------------------------------------------------------------------------

Related Posts by Categories

Tidak ada komentar:

Posting Komentar