Ketua DPRD H. Surahman: Anggota DPRD Majalengka Can Sagemblengna Disiplin


MAJALENGKA, KORAN SUNDA LOGAY – Ketua DPRD Kabupaten Majalengka, Surahman, ngangken yen para anggota dewan nu dipingpinna salila ieu can sagemblengna disiplin. Eta dibuktikeun tina masih gedena tingkat kateu-hadiran (absensi) para anggota dewan boh dina ngantor boh pangpangna dina ngahadiran rapat-rapat atawa sidang dewan. 



Pangakuan Surahman eta ditepikeun ka Logay nu ngahaja nepungan ka kantorna, anyar-anyar ieu. Najan kitu, ketua dewan nu asalna ti Fraksi Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan (F-PDIP) ieu teu ngawincik data absensi anggota dewan dina sabulan-sabulanna. Anjeunna  ngan ngaharepkeun, Badan Kehormatan (BK) DPRD sakuduna bisa leuwih tegas malahan bisa nyieun aturan nu leuwih ketat pikeun ngurangan angka kateu-hadiran para anggota dewan eta. 

Sedengkeun ka sahumna anggota dewan, Surahman umajak sangkan babarengan nembongkeun rasa tanggung jawabna salaku anggota dewan anu dipilih dipilih ku rahayat. Paling henteu sing boga kaera.

"Budaya malu jeung rasa tanggungjawab ka konstituen memang geus meujeuhna ditumuwuhkeun sangkan kinerja para anggota dewan bisa dironjatkeun nu ahirna citra lembaga wakil rayat oge jadi leuwih hade," pokna.
 
 Nyigeung soal rencana meuli mobil dines saharga Rp 2 milyar kaasup pikeun anjeunna minangka ketua dewan, Surahman masrahkeun sagemblengna kumaha ceuk sora balarea sabab mobil dines eta lain keur dirina sacara pribadi tapi lantaran kapasitasna salaku ketua dewan. 
"Mun ceuk si rea kamahalan teuing, cing bere pandangan mobil nu kumaha nu kira-kirana pantes keur ketua dewan. Ongkohna deui, anggaran meuli mobil dines nu gedena Rp 2 milyar teh lain keur meuli 3 mobileun saperti diwartakeun ku media, tapi oge keur meuli mobil dines wakil bupati jeung pajabat Pemkab Majalengka sejenna nu kabehna jadi 7 mobil," cenah tumamprak.* (RSP Hidayat/Asep Fajar)

----------------------------------------------------------------------



Related Posts by Categories

Tidak ada komentar:

Posting Komentar