SMPN 4 Maja Ngarintis "Lesson Study Berbasis Sekolah"














MAJALENGKA, KORAN SUNDA LOGAY – "Lesson Study" teh ngarupakeun metode anyar dina cara ngajarkeun pangajaran ka para murid. Carana nya eta materi pangajaran diajarkeun sacara kolompok sarta terbuka, sahingga para murid bisa leuwih anteb tur teleb dina narima materi pangajaran nu ahirna dipiharep bisa ningkatkeun ajen elmu para murid katut para guruna. 

Di Indonesia, metode KBM nu diadopsi ti Jepang ieu teh geus dilaksananakeun di 3 kabupaten nya eta Kabupaten Bantul (Jawa Tengah), Kabupaten Pasuruan (Jawa Timur), jeung Kabupaten Sumedang (Jawa Barat).

Dumasar kabutuhan hayang ningkatkeun mutu pangajaran eta pisan nu ahirna ngajurung Kepala SMPN 4 Maja, Majalengka, Masturo Ade,SPd,MPd sarta jajaranna pikeun ngarintis dilaksanakeunana "Lesson Study Berbasis Sekolah" di sakola nu dipingpinna.

Tina hasil anjangsonona ka SMPN 4 Sumedang nu geus tilu taun nerapkeun metode anyar kasebut, 19 Pebruari 2011, Masturo Ade nu direncangan ku guru-guru ti SMPN 4 Maja sejenna, meunang oleh-oleh nu kacida munelna.

Dina anjang-sonona eta, sabada ditarima tur dibageakeun kalawan hade ku pribumi, Masturo Ade katut rombonganana dibere kasempetan nyaksian langsung kagiatan "open class" para murid SMPN 4 Sumedang nu dituluykeun ku acara gunem-catur  jeung 'guru model' sarta mirengkeun sumbang-saran ti para guru SMPN Sumedang.

Kacindekanana, saur Masturo Ade, metode "Lesson Study" kasebut kacida hadena pikeun diterapkeun di sakolana. "Matode bieu lain bae kacida hadena pikeun ngadongkrak prestasi jeung mutu pangajaran para murid, tapi oge sakaligus pikeun ngaronjatkeun kualitas, kinerja, sarta profesionalisme para guru atawa para pendidik. Ngan bae pikeun ngalaksanakeunana butuh biaya tambahan. Najan kitu sim kuring saparakanca rek terus ngusahakeun sangkan program kasebut bisa dilaksanakeun," pokna daria.

Pikeun eta, Masturo Ade ngaharepkeun sangkan guru-guru nu aya pakaitna jembar hate pikeun narima saran jeung kiritikan ti saha wae, sabab dina metode "open class" mah sing saha wae bisa ngalakukeun observasi ngeunaan materi pangajaran nu diajarkeun.

Lian ti eta, Masturo oge ngaharepkeun pihak dinas pendidikan kabupaten bisa mere perhatian turta bantuan nu daria pikeun lancarna palaksanaan program kasebut.(RSP Hidayat/Asep Fajar)*

-------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------

Related Posts by Categories

Tidak ada komentar:

Posting Komentar