JAKARTA, REPUBLIKA.Com - Komisi III Dewan Perwakilan Daerah Republik Indonesia (DPD-RI) nembrakkeun pihakna kacida milu manghariwangkeunana ku ayana ratusan basa daerah nu kiwari masih keneh aya tur mangrupakeun kakayaan budaya nusantara, kiwari kaancam bakal tumpur.
"Balukarna, beuki rea masrakat entragan kiwari pangpangna barudak ngorana nu tepikeun ka teu apal kana basa daerahna sorangan," saur Ketua Komisi III DPD RI, Azis Kahar Musakkar di Mamuju, Sulawesi Selatan, anyar-anyar ieu.
"Sim kuring saparakanca tangtu wae ngarasa prihatin. Soalna basa-basa daerah nu mangrupakeun kakayaan budaya nu salila ieu ku urang dipikareueus, kiwari narungtutan sirna malahan aya ratusan deui nu geus kaancam bakal tumpur saupama teu gancang-gancang disalametkeun," pokna deui.
Azis nembrakkeun, dumasar data nu dirilis ku salasahiji koran nasional, kaayaan basa daerah kiwari memang bener-bener ngahariwangkeun. Geura wae tina 742 basa daerah nu kiwari masih keneh hirup, ngan kari 13 basa daerah wae anu jumlah nu makena leuwih ti sajuta urang ka luhur. Hartina, 729 basa daerah sejenna, nu makena geus kurang ti sajuta urang, malahan aya nu tinggal dipake ku saurang pisan.
Basa-basa daerah nu kaancam tumpur eta lolobana di Sumatera, Kalimantan, Sulawesi, Maluku, jeung Papua. Di Sumatera contona nya eta basa Lom nu kiwari tinggal dipake ku 50 urang. Di Sulawesi basa Budong-budong (70 urang), basa Dampal (90 urang), basa Bahonsai (200 urang), jeung basa Baras (250 urang).
Terus di Kalimantan basa Lengilu ukur dipake ku 10 urang, basa Punan Merah (137 urang), basa Kareho Uheng (200 urang). Di Maluku: basa Hukumina (1 urang), Kayeli (3 urang), Nakaela (5 urang), Hoti (10 urang), Hulung (10 urang), Kamarian (10 urang), jeung basa Salas (50 urang). Sedengkeun di Papua nya eta basa Mapia (1 urang), Tandia (2 urang), Bonerif (4 urang), jeung basa Saponi (10 urang).
Azis nambahkeun, pasualan tumpurna basa-basa daerah ieu kudu sagancangna ditarekahan boh ku pamarentah boh ku masrakat.
"Pamarentah ngaliwatan kementerian pendidikan nasional kudu ngasupkeun deui pangajaran basa daerah kana kurikulum muatan lokal pikeun diajarkeun di sakola-sakola. Nya kitu deui kolot-kolot jeung para tokoh masrakat oge kudu mere conto nu hade, nya eta daek ngagunakeun basa daerah dina cumaritana sapopoe, ngarah diturutan boh ku barudak atawa ku masrakatna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar